Friday, May 21, 2010

Sajak Sunda Ilangna Mustika | Kis Ws


ILANGNA MUSTIKA
Kis. Ws.

lebah ieu puseur bumi
nu kamari gonjing ku lini
ayeuna ngaplak sagara motah
tineung mumbul seah ngagalura

jerit aral diajam maratan mega
kalah mendal neunggar cakrawala
aya pamayang kaalunkeun ka basisir
rubuh bari teu kendat kukubuk
ka nu nyiptakeun laut

angin lirih dina seta-seta dikir
ngendat sakedep lacak nu ilang:
beurang teu aya nu langgeng
peuting teu saendeng-endeng
ngarusapan ngagerihan kuma' urang

di teluk liuh.
subuh parahu balabuh
ki pamayang ayem ngaharewos alon:
beurang-peuting anu urang
sagala-gala keur urang
ayeuna kula narima
sakabehna!

Cideres, Juli 1946
------------------------
Ciamis, 20 Pebruari 1986

Anda sedang membaca kumpulan/contoh/artikel/puisi/sajak/pantun/syair/tentang/tema/bertema/judul/berjudul Sajak Sunda Ilangna Mustika | Kis Ws dan anda bisa menemukan kumpulan/contoh/artikel/puisi/sajak/pantun/syair/tentang/tema/bertema/judul/berjudul Sajak Sunda Ilangna Mustika | Kis Ws ini dengan url http://kumpulankaryapuisi.blogspot.com/2010/05/sajak-sunda-ilangna-mustika.html,anda juga bisa meng-click kumpulan/contoh/artikel/puisi/sajak/pantun/syair/tentang/tema/bertema/judul/berjudul Sajak Sunda Ilangna Mustika | Kis Ws Tetapi dilarang merubah isi maupun mengganti nama penyair/pengarang nya karena bertentangan dengan HAKI, semoga anda ter-inspirasi dengan karya Sajak Sunda Ilangna Mustika | Kis Ws salam Karya Puisi

0 komentar:

Post a Comment

 

kumpulan karya Puisi | Copyright 2010 - 2016 Kumpulan Karya Puisi |